Rabu, 01 Februari 2017

AKU-AKU ANGGA ...
nyeri haté mah geus puguh uyuh kudua mulang tarima
ieu mah ngadon bapa héman taya panarima
taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadéan

moal aya haseup mun euweuh seuneu sagala rupa béja tangtu aya benerna sanajan sok loba tambahna nu meunang ngaréka
sim kuring moal aku-aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda
ari keur kuring mah taya halanganana insya Allah sabar, enya gé sabar teh lain di tampiling cicing ditajong morongkol digebug murungkut
tetep pasti ngahampura sabab banda sasampiran umur gagaduhan da hirup di dunya ngan saukur ngumbara
éstu banda tatalang raga leuwih hadé ngorbankeun banda ti batan cilaka hirup eukeur paéh bakal yakin kana takdir ti Pangeran
moal hariwang teu dimilikan da jangjina Pangéranmah yakin moal sulaya béda jeung jangjina manusa
titi mangsa tina rumasa kedal haté pangjajap rasa kedal ati nyu'uh ka gusti sujud raga ka nu kawasa dunya caang lir ibarat beurang rasa hariwang moal kasorang
hirup mah katungkul ku umur paéh teu nyaho dimangsa waruga taya nu boga tulang iga taya pangawasa iwal ti gusti nu maha suci simkuring seja sumerah diri
sanés sim kuring nu mutuskeun sabab sahérang hérangna cibéas moal hérang cara cisumur --------------------------------- #cag ----------------------------------